Rabu, 27 September 2017

Kisi-kisi & Latihan Soal UTS/PTS Ganjil 2017



Kisi-kisi & Latihan soal kelas IX
Pilih jawaban nu pangbenerna tur pangpantesna!
Baca ieu sempalan(kutipan) bahan keur laporan kagiatan. Tuluy jawab sakur patalékanana!
PIKNIK KA KEBON BINATANG
.....
Salahsahiji tempat nu sok kajugjug dina usum peré sakola nyaéta Kebon Binatang Bandung. Lain baé lantaran tempatna deukeut ka puseur kota Bandung, tapi waragadna kawilang murah deuih. Cindekna saha baé bisa datang tur piknik ka éta tempat
.....
1.      Nu jadi alesan salian ti deukeut, masarakat loba nu ngajugjug ka Kebon Binatang nyaéta ....
a.       puseur kota                       b. geratis                      c. murah                      d. peré sakola
2.      “Salahsahiji tempat nu sok dijugjug dina usum peré sakola nya éta Kebon Binatang Bandung”
Kecap nu dicitak kadel, hartina ....
a.       Didatangan                                   c. kaliwatan
b.      pilihan                                          d. diramékeun
3.      Ku guru anu ngaping, kuring sabatur-batur dipapancénan sina nyatetkeun ngaran-ngaran sasatoan jeung tatangkalan nu aya di Kebon Binatang.
Guru nu méré pancen nyaéta guru ...
a.       IPS                        b. Matematika              c. Basa Sunda              d. Biologi
4.      “Kebon Binatang ngabogaan ajén pangaweruh pikeun nu hayang nalungtik sasatoan jeung tutuwuhan”
Kecap anu dicitak déngdék ngandung harti ....
a.       pengetahuan                                 c. penelitian
b.      niléy                                             d. piknik
5.      Girang acara atawa panata acara sarua jeung nu disebut…
a.       Hotib                    b. MC                          c. Sindén                      d. Jurutulis
6.      Tugas utama girang acara nyaéta…
a.       Mingpin hiji acara                         c. Ngaramékeun acara
b.      Nutup acara                                  d. Mingpin diskusi
7.      Dina acara diskusi atawa debat, biasana sok dipingpin ku…
a.       MC                       b. Girang acara                        c. Pamingpin sidang     d. Moderator
8.      Salah sahiji tugas MC nyaéta, iwal…
a.       Macakeun runtuyan acara             c. Méré/nepikeun sambutan
b.      Ngahaturanan ka nu tampil                       d. Nutup acara
9.      Kalimah di handap ieu nu tatakramana merenah nyaéta…
a.       Abdi mah parantos tuang
b.      Pa Angga nembé wangsul tikantor
c.       Rangga mulih ti sakola
d.      Buku téh kagungan Pa Usman

10.  Dina nulis laporan kagiatan téh urang kudu luyu (sesuai) atawa ngaharib-harib(mirip) kana karya ilmiah. Runtuyanana biasana sok aya nu disebut kasang tukang, hartina sarua jeung ....
a.       Latar Belakang                              c. Tujuan
b.      Judul                                             d. Waktu jeung tempat

1.      Sebutkeun hal-hal nu kudu aya dina laporan kagiatan!
2.      Tuliskeun pok-pokan ( kalimah ) upama urang rek nyiapkeun, ngado’a saméméh diajar!
3.      Jieunkalimah nu merenahtinakecap di handapieu!
4.      Sebutkeun tugas tina girang acara (MC)!
5.      Naon anu dimaksud carpon?
a.       Kanggo                             c. Wangsul                              
Haturan                       

Tidak ada komentar:

Posting Komentar